Wilujeng Sumping di Blogna Urang Sunda »
Assalamualaikum...Wilujeng Sumping di Blogna Urang Sunda. di antos pisan saran sareng komentar ti Dulur - dulur sadayana

16 April 2009

Pupuh Sunda

Guguritan; Ugeran 17 Pupuh Sunda

Naon ari pupuh teh? Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) nu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan (aturan jumlah baris dalam setiap bait serta jumlah suku kata/vokal dalam setiap barisnya). Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung (aturan suara vokal pada setiap akhir barisnya).
Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas. Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan sakumaha anu dijéntrékeun di handap ieu.

[1] Asmarandana
Pupuh Asmarandana dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Watekna silih asih, silih pikanyaah, naséhat atawa mépélingan. Guru lagu jeung guru wilangana: 8-i, 8-a, 8-é, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a.
Contona:

Éling-éling mangka éling [8-i]
rumingkang di bumi alam [8-a]
darma wawayangan baé [8-é]
raga taya pangawasa [8-a]
lamun kasasar lampah [7-a]
nafsu nu matak kaduhung [8-u]
badan anu katempuhan [8-a]

[02] Balakbak
Pupuh Balakbak dina sapadana diwangun ku tilu padalisan. Watekna pikaseurieun atawa lulucon. Guru lagu jeung guru wilangana: 15-é, 15-é, 19-é.
Contona:

Aya warung sisi jalan ramé pisan,
Citaméng [15-é]
Awéwéna luas-luis geulis pisan,
ngagoréng [15-é]
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét,
nyanggéréng [19-é]

[03] Dangdanggula
Pupuh Dangdanggula dina sapadana diwangun ku sapuluh padalisan. Watekna kabungahan atawa kaagungan. Guru lagu jeung guru wilangana: 10-i, 10-a, 8-e/o, 7-u, 9-i, 7a-, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.
Contona:

Méga beureum surupna geus burit [10-i]
ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
cikur jangkung jahé konéng [8-é]
naha teu palay tepung [7-u]
simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
ari ras cimataan [7-a]
gedong tengah laut [6-u]
ulah kapalang nya béla [8-a]
paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
kacipta salamina [7-a]

[04] Durma
Pupuh Durma dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Watekna ngambek, pasea, gelut, atawa perang. Guru lagu jeung guru wilangana: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i.
Contona:

Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
geus dipasti ku jangji [7-i]
mun tacan laksana [6-a]
numpes musuh sarakah [7-a]
henteu niat seja balik [8-i]
najan palastra [5-a]
mati di médan jurit [7-i]

[05] Gambuh
Pupuh Gambuh dina sapadana diwangun ku lima padalisan. Watekna bingung, samar polah, tambuh laku. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o.
Contona:

Ngahuleng banget bingung [7-u]
henteu terang ka mana nya indit [10-i]
turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
panon poé geus rék surup [8-u]
keueung sieun aya méong [8-o]

[06] Gurisa
Pupuh Gurisa dina sapadana diwangun ku dalapan padalisan. Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
Contona:

Hayang teuing geura beurang (8-a)
geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
nagih kanu boga hutang (8-a)
mun meunang rék meuli soang (8-a)
tapi najan henteu meunang (8-a)
mo rék buru-buru mulang (8-a)
rék terus guguru nembang (8-a)
jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

[07] Jurudemung
Pupuh Jurudemung dina sapadana diwangun ku lima padalisan. Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 8-a, 8-u, 6-I, 8-a, 8-u.
Contona:

Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
ku kersaning anu Agung [8-u]
geus pinasti panggih [6-i]
jeung dua rupa perkara [8-a]
senang paselang jeung bingung [8-u]

[08] Kinanti
Pupuh Kinanti dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Watekna miharep atawa prihatin. Anapon guru lagu jeung guru wilangana nyaéta: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i.
Contona:

Budak leutik bisa ngapung [8-u]
babaku ngapungna peuting [8-i]
nguriling kakalayangan [8-a]
néangan nu amis-amis [8-i]
sarupaning bungbuahan [8-a]
naon baé nu kapanggih [8-i]

[09] Ladrang
Pupuh Ladrang dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna banyol atawa pikaseurieun. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 10-I, 8-a, 8-I, 12-a.
Contona:

Aya hiji rupa sato leutik [10-i]
éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
sok luluncatan di cai [8-i]
ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]

[10] Lambang
Pupuh Lambang dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna banyol atawa pikaseurieun. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
Contona:

Nawu kubang sisi tegal [8-a]
nyiar bogo meunang kadal [8-a]
atuh teu payu dijual [8-a]
rék didahar da teu halal [8-a]

[11] Magatru
Pupuh Magatru dina sapadana diwangun ku lima padalisan. Watekna piwuruk, prihatin sarta kalucuan. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 12-u, 8-i, 8-u, 8-I, 8-o.
Contona:

Peuyeum sampeu dagangan ti Rancapurut [12-u]
dijual dua saduit [8-i]
dituruban daun waru [8-u]
diwadahan daun jati [8-i]
katuangan anu ompong [8-o]

[12] Maskumambang
Pupuh Maskumambang dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna prihatin, sasambat, atawa nalangsa. Guru lagu jeung guru wilangana: 12-i, 6-a, 8-i, 8-a.
Contona:

Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]
teu aya rasrasan [6-a]
kaula maké disumpit [8-i]
naha naon dosa kula [8-a]

[13] Mijil
Pupuh Mijil dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Watekna susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling. Guru lagu jeung guru wilangana: 10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u.
Contona:

Mesat ngapung putra sang Arimbi [10-i]
jeung méga geus awor [6-o]
beuki lila beuki luhur baé [10-é]
larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
milari sang rayi [6-i]
Pangéran Bimanyu [6-u]

[14] Pangkur
Pupuh Pangkur dina sapadana diwangun ku tujuh padalisan. Watekna lumampah, napsu, sadia rek perang. Guru lagu jeung guru wilangana: 8a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a.
Contona:

Seja nyaba ngalalana (8-a)
ngitung lembur ngajajah milangan kori (12-i)
henteu puguh nu dijugjug (8-u)
balik paman sadaya (7-a)
nu ti mana tiluan semu rarusuh (12-u)
Lurah Begal ngawalonan (8-a)
Aing ngaran Jayapati (8-i)

[15] Pucung
Pupuh Pucung dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Watekna piwuruk, wawaran, kaget, atawa eling. Guru lagu jeung guru wilangana: 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a.
Contona:

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
monyét loréng leupas [6-a]
luncat kana pager déngdék [8-é]
bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]

[16] Sinom
Pupuh Sinom dina sapadana diwangun ku salapan padalisan. Watekna gumbira. Guru lagu jeung guru wilangana: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.
Contona:

Warna-warna lauk émpang [8-a]
aya nu sami jeung pingping [8-i]
pagulung patumpang-tumpang [8-a]
Ratna Rengganis ningali [8-i]
warnaning lauk cai [7-i]
lalawak pating suruwuk [8-u]
sepat patingk(ar)océpat [(8)7-a]
julung-julung ngajalingjing [8-i]
sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]

[17] Wirangrong
Pupuh Wirangrong dina sapadana diwangun ku genep padalisan. Watekna kawirang, kaéraan, karugian, kaapesan. Guru lagu jeung guru wilangana nyaéta 8-I, 8-o, 8-u, 8-I, 8-a, 8-a.
Contona:

Barudak mangka ngalarti [8-i]
ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
enggon-enggon nungtut élmu [8-u]
mangka getol mangka tigin [8-i]
pibekeleun saréréa [8-a]
modal bakti ka nagara [8-a]

Catetan: (1) Dina pupuh Gambuh padalisan kadua, nu kapendak ku simkuring mah guru laguna teh nyaeta “u”, nanging kuring mendakan deui conto sanesna (dina rekaman siaran ti RRI Bandung) mah “i”: “henteu terang kamana nya indit”; anu kapendak ku simkuring mah: “henteu terang kamana ngajugjug” sakumaha conto kaduana: “naha atuh bet ngalajur napsu”. (2) Dina pupuh Sinom padalisan katujuh, nu kapendak ku simkuring mah guru wilangana teh 7: “se-pat-pa-ting-ko-cé-pat” sapertos conto kaduana: “tan-da-ba-ta-ra-sur-ya”, sedeng dina transkrip lirik di luhur mah 8: “se-pat pa-ting-ka-ro-cé-pat”. Neda pituduh ti para guru!

14 April 2009

Tembang Sunda

Kanggo Dulur anu bade atanapi hoyong ngadangukeun / nyetel Kawih - kawih Sunda di ieu Blog, Mangga kantun diklik di tengah - tengah Gbr.Kasetna!
Mung Sateuacana musik pangiring Blog anu aya di palih luhur artikel ieu, kedah dipareuman heula! ngarah teu janten pacampur antawis sora lagu sareng sora musik pangiring Blog.

Mangga Wilujeng ngadangukeun...sing jongjon tur Genah!!!


Wayang Golek

Kanggo dulur sadayana anu bade Lalajo Wayang golek di ieu blog, mangga kantun klik bae di tengah - tengah videona!
Mung Sateuacana
musik pangiring Blog anu aya di palih luhur artikel ieu, kedah dipareuman heula! ngarah teu janten pacampur antawis sora Wayang sareng sora musik pangiring Blog.

Mangga Wilujeng Lalajo sing jongjon tur genah!!!

Cepot Vs Pohang

Bag. 1



Bag. 2



Bag. 3



Bag. 4



Bag. 5



Bag. 6



Bag. 7

11 April 2009

Tatarucingan Sunda

1. Dirampa aya karasa,pas dilieuk euweuh?
2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar?
7. Kunaon tukang baso nakolan mangkok?
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.
12. Hayam naon anu sukuna hiji?
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
15. Baso dibalikkeun jadi naon?
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
19. Manuk naon anu jangjang & sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karet?
21. Sapi naon anu bau?
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia?
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
24. Pribumi di luar ari semah di jero.
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
30. Jam naon anu bisa nembang?
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
32. Pare naon anu teu ngeunah?
33. Jalma meuli kasur keur naon?
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
35. Kapas 2kg, batu 1kg,mun ninggang suku nyeri mana?
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
38. Budak dugul asup kana embel.
39. Petina hiji, mayitna loba.
40. Kaca naon anu nyeri?
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?
42. Kaca naon anu seungit?
43. Kaca naon anu pangbeuratna?
44. Hayam naon anu keur jengke?
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo?
46. Aya balon 10, bitu 1, kempes 3,kari sabaraha deui?
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna.
48. Kunaon ban sapedah anu tukang sok babari dugul?
49. Naha mun anjing keur lumpat sok ngalieuk ka tukang?
50. Kaca naon anu sok disada?
51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din
52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?
53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?
54. Supirna opatan ari panumpangna saurang.
55. Buah naon anu tara diala?
56. Piramida di jerona aya harta karun.
57. Anjing ka wetan ,buntutna kamana?
58. Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat.
59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?
60. Ti peuting asak ti beurang atah.
61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.
62. Sukuna hiji, panonna tilu.
63. Ka handap muka ka luhur nutup.
64. Maju eleh, mundur meunang.
65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha?
66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?
67. Pang basa Inggriskeun 2 mobil warna maneh!
68. Kapal naon anu teu bisa ngapung?
69. Hideung, leutik, bahaya.
70. Kumaha ngabedakeun sirah & buntut cacing?
71. Naha superman bajuna make hurup “S”?
72. Hiji diala ari loba teu diala.
73. buah naon anu sok diwedak?
74. Tangkal naon anu sok dipikasieun?
75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon?
76. Sirahna,ceulina,beuheungna dina beuteung.Naon?
77. Sapedah naon anu bisa ngapung?
78. lauk naon anu bisa hiber?
79. Kuda naon anu teu bisa lumpat?
80. Ari nakol bedug aya sabaraha warna?
81. Minyak naon anu rame?
82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?
83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
84. Naon bedana onta jeung kangkung?
85. Tukang naon anu teu bisa ngitung?
86. Kalong naon anu pinter maen bal?
87. Bisa naek teu bisa turun.
88. kalimah naon anu dibaca ti hareup & ti tukang sarua?
89. Gajah naon anu sukuna dua?
90. Hurup naon anu ngeunah?
91. Naha Supermen jubahna di tukang?
92. Leutik bodas pikasieuneun.
93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah?
94. Sato naon anu pangharam-haramna?
95. Hayam naon anu sukuna 1002?
96. Rancung lain landak, hejo lain tentara.
97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani.
98. Kasur naon anu matak nyeri?
99. Palu naon anu bisa pidato?
100. Akar di luhur, pucuk di handap.
101. Asup tarik kaluar laun.
102. Bisa turun teu bisa naek.
103. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja.
104. Budak dugul loba kutu.
105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum.
106. Dicabak aya dilieuk euweuh.
107. Dicukur buluan, teu dicukur dugul.
108. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh.
109. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh.
110. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol.
111. Diudag lumpat didagoan cicing.
112. Gunung bitu, bandera kekelebetan.
113. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku.
114. Indungna cicing anakna ancul-anculan.
115. Nangkub dieusi nangkarak kosong.
116. Oray hejo panonna loba.
117. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu.



JAWABANA


1. Ceuli
2. Hayam keur pawey
3. Korong
4. Sabab banna buleud
5. Sato nu nukangan tembok
6. Bangkuang
7. Ku Sendok
8. Batu garing
9. Oray nu ngalegleg linggis
10. Aki-aki make iteuk jeung kacamata
11. Cau
12. Hayam nu keur jengke
13. Kareta api
14. Gede bohongna
15. Bahe
16. Sireum make helm
17. Peureum
18. Piring bolong
19. Manuk anu katincak
20. Mun tina coklat pasti digembrong sireum
21. Sapiteng
22. Piringatan 17 Agustus
23. Sarimie mah renyah, Nini2 mah renyoh
24. Tukang beca jeung panumpang
25. Tai kotok napel dina tihang listrik
26. Kacamata
27. Hujan-heujeun
28. Kalangkangna
29. Buahenol
30. Jamrud
31. Tinggal turunna
32. Parea-rea omong
33. Keur beunta
34. Kutu
35. Nyeri sukuna
36. Ku sendok
37. Keretas
38. Cilok
39. Korek api
40. Kacabok
41. Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung
42. Kacapiring
43. Kacalikan gajah
44. Hayam nu keur sondah
45. Bisa, lamun kiloanana ruksak
46. Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui.
47. Gitar
48.cape mikiran kmh carana hayang miheulaan ban hareup
49. Sabab teu make kaca spion
50. Kacapi
51. Pa Haji Samsudin
52. Sapiderman
53. Hayam paeh
54. Pasaran
55. Buah murag
56. Bacang
57.Aya napel dina bujurna
58. Remeh napel dina kareta api nu keur maju
59. Tukang maok
60. Lampu bohlam
61. Obat nyamuk
62. Lampu setopan
63. Seleting
64. Nu keur lomba tarik tambang
65. Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber
66. Incuna kuman nu teu dahar saminggu
67. Two car Color you!(tukar kolor yuk!)
68. Kapal nu mesinna ruksak
69. Sireum napel dina bom
70. Eleketek heula, nu seuri eta huluna
71. Sabab mun XL mah bakal logor teuing
72. Huis
73. Kesemek
74. Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung
75. Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu
76. Orok nu keur dikakandung ku indungna
77. Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung
78. Lauk Indosiar
79. Kuda nu dicangcang
80. Ti luarna
81. Minyaksikan pertandingan sepakbola
82. Minumpas kejahatan
83. Hayam leungit
84. Onta mah di Arab, kangkung mah diurab
85. Tukang poto
86. Kalonggak beckham ya…Del Piero
87. Haji
88. Kasur ini rusak
89. Gajah nu keur keprok
90. Nya T
91. Mun dihareup mah arek dicukur atuh!
92. Sireum nu napel dina huntu maung
93. Setandar
94. Anak bagong euweuh bapaan
95. Hayam nu keur gelut jeung titinggi
96. Kaktus
97. Bebegig
98. Kasura
99. Pa Lurah
100. Janggot
101. Leho
102. Hujan
103. Ganas
104. Onde-onde
105. seupah
106. Ceuli
107. Kadongdong
108. Rebab
109. Kuda
110. Goong
111. Kalangkang
112. Nu keur ngakeul sangu
113. Langlayangan
114. Lisung jeung halu
115. Kopeah
116. Peuteuy
117. Langit

_______Alam Endah_______

Photobucket Photobucket Photobucket Photobucket
Mangrebu - rebu nuhun Simkuring haturken kanggo dulur sadayana anu parantos kersa sareng nyempetkeun waktosna kanggo sumping ka ieu blog sok sanaos mung sakadar ningalian wungkul...