*Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda*
a. Saving Private Ryan - Nulungan si Rian
b. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager
c. Die Hard - Teu Paeh-Paeh
d. Die Hard II - Can Paeh Keneh
e. Die Hard III With A Vengeance - Nya'an euy Hese Pisan Paehna
f. Bad Boys - budag bedegong
g. Rocky - Osok Neunggeulan Batur
h. Rain Man - Lalaki Cicing di Bogor
i. Here's Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?
j. Mission Impossible - Moal Bisa
k. Titanic - Tilelep
l. Paycheck - Nganjuk Heula
m. Reign of Fire - Beubeuleuman
n. Original Sin - Tara Ka Mesjid
o. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul
p. Silence of The Lambs - Embe Pundung
q. Ghost - Jurig Kasep
r. Bad Boys - Budak Baong
s. Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?
t. Home Alone - Tinggaleun
u. Casablanca - Mengkol Ti Sudirman
v. Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu!
w. The Awakening - Hudang Sare
x. After The Sunset - Tereh Maghrib
*Angkot Jeung Ojeg*
Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.
Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
"Kunaon sia ngudag-ngudag aing?"
"Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?", jawab tukang ojeg.
"Aing mah diudag pulisi", ceuk supir angkot.
"Aing oge," jawab tukang ojeg.
*Kang Tito Utah di Beus*
Kang Tito urang Kuningan rek ka Bandung, sabab tara naek mobil maklum urang desa
dina mobil bes pinuh ku panumpang, manehna teu kuat hayang UTAH ,neangan keresek teu mawa, untung manehna make kopeah, kang tito luak liek eweh nu nempokeun, pikirna borolo-borolo utah kana kopeah tuluy di tutupan ku saputangan saenggesna utahmah manehna sare tibra naker.
CAHEM HABIS CAHEM HABIS CEUK KENEKTUR kang tito rewas tuluy kopeah di pake atuh utah na rambay kana sirahna sekian karunya Kang Tito.
*Maling Hayam Jeung Panganten*
Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.
Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe "kang....tos dibuka......", simaling ngagerendeng na hatena "duh! nyahoeun aing muka panto", simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe "duh kang tos lebet nya !!!" sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena "haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !", padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.
Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh "kang siga nu wengi nya!". maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug hatena, rey...... beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo "duh bener-bener nyahoeun ka aing". padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.
*Mimiti Masantren*
Jang Ibro mimiti masantren. Manehna can kungsi masak sorangan. Hiji mangsa ku seniorna dititah naheur cai jang nyieun ci kopi. Atuh rada bingung. Nya pok nanya ka santri sejen, jang Juhe nu geus wanoh, nu hanjakalna teh sarua anyar jeung teu kungsi ngalaman masak di imahna.
"Kang, abdi teh teu acan kantos naheur cai. dupi ari asakna kumaha, nya?"
"Oh, gampil, upami tos ngagolak, cagap. Tah upami tos hipu, eta hartosna tos asak..."jang Juhe inget kana bubuahan, ari asak pan sok hipu. geus kitu, jang Ibro ka dapur, cai nu gagolak dicagap. puguh we ngajerete, da cai sakitu panasna. balik deui ka jang Juhe.
"Kang, cai teh kalah ka panas pisan geuning?"
"Oh..mun dina buah mah, teuas keneh meureun. ke antos sakedap..."
*Mihape Kuda*
Kusir : "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak : "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir : "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak : "Sieun nyepak atuh."
Kusir : "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak : "Moal ah, sieun kabur."
Kusir : "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur."
Budak : "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"
*Salah Ngajalankeun Tugas*
Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina.
Juragan Istri :"Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih !".
Juragan Oded : "Naha kunaon kitu? ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna nu gagebay)
Juragan istri : Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh dipiwarang ku papih ?
Juragan Oded : Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh : 'Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna sakitu!'
*Nanya Pasien*
Dokter: "Maneh sok sabaraha kali mandi?"
Pasien 3 : "Tilu kali pak!"
Dokter: "Hah.........iraha bae?"
Pasien 1: "Kamari, isukan, pageto"
Dokter: "Ari ayeuna?"
Pasien 3 : "Ayeuna mah saptu atuh pa dokter...."
Dokter pingsan.
*Ngajawab Soal Ujian*
Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina
sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.
Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make
Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna."
*Bandar Tarasi*
Aya Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, si Aki teh kasarean, tibra pisan ,lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana. Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas
"Stop !!! Stop pinggir!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon ???" ceuk si Aki.
Si wanoja nembalan : "Tenang we Ki, kakara tepi ka Kadipaten".
*Ngagambar Jurig*
Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.
Tim : " Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?"
Mbah Rewok : " Kuntilanak !"
Tim : "Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?"
Mbah Rewok : "Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina buukna !"
Tim : "Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning bisa kitu ?"
Mbah Rewok : "Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di rebonding cenah."
Tim : ?!@#
*Sosonoan*
Opat poe katukang kang Panzi gura-giru kadokter cenah teu raraos body.
Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yen kang Panzi teh loba teuing sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana. Si dokter nyarankeun leuwih alus mun nek sosonoan kudu make jadwal nu matuh, saminggu cukup tilu kali
"Kumaha dok carana ngarah bisa nginget jadwalna??" Tanya kang Panzi
"Saena mah cirian we dinten naon wae anu awalanna tina huruf 'S' contona Senen, Salasa jeung Saptu," jawab dokter.
Nincak poe kaopat kang Panzi teu kuat nahan, kapaksa ngalanggar saran dokter terus ngahudangkeun garwana nu keur sare,kulisik pamajikanana hudang bari satengah lulungu pok pamajikanana nanya
"Malem naon ieu teh kang?"
" Malem SUM'AT.Sssttt!!" tembal kang Panzi bari nyenghel.
*Hujan*
"Hujaan! hujaan!...jaitan popoean...!" Kang Opix ngagorowok ka kang Syam Ridwan ku keur uplek maen gapleh jeung balad2na, si Barud, si Jalak, si Sir, Si Rah. Si barud, si jalak, Si Sir, Si Rah, gura-giru kaluar imah, rek nyaitan popoean.
"Kade poho, kenteng oge jait, bisi kahujanan.." ceuk kang Syam
hariweusweus.
*7 rupa nu dipahing pisan*
- Ngarorek Ceuli ku linggis
- Ombeh ku cai ngagolak
- Gagaro ku parud nu tihiangan
- Dahar make sendok tembok
- Ngalinting bulu kelek mun hayang udud
- Ngorong ku tutup limun
- Mere nginum ka khotib nu keur hutbah
*Alesan*
Cep Jon Towor katelah rada jarang mandi. Hiji mangsa nu jadi lanceukna mamatahan.
"Cik atuh Jon, sing rajin mandi... "
"Lah, mandi-mandi teuing, teu boga kabogoh ieuh... " lanceukna ngahuleng... Sababaraha bulan ti harita, Jon Towor kabejakeun boga kabogoh. Tapi anggeur, jarang mandi keneh bae.
"Jon, sing rajin mandi... "
"Mandi-mandi teuing, kabogoh geus boga... " Lanceukna rada sebel...
"Na ari maneh... ?"
"Kieu, teh, tuh tingali ucing, tara katingali mandi... lumpatna tarik... "
Lanceukna unggek. "Ayeuna... tingali lauk... sakitu unggal detik mandi, anggeur we hanyir... " si Teteh lanceuk Jon Towor beuki lieur ngabandungan adina nu baong...hehe
*Ulang taun*
"Neng Dea, wilujeng ulang taun..." ceuk bapana Dea bari ngesun jeungmasihan kado.
"Dea ayeuna sabara taun?" Tanya bapana.
"13 taun pa..." walon budak bari imut. bapana kaget, da rarasaan budakna teh kakara umur 7 taun.
"Nahe gening tos 13 taun deui?"
"Apan taun kamari, abdi 6 taun, ayeuna 7 taun, janten 13 taun bapa!" ceuk budak calakan.
*Teu Meunang*
Di BSM aya bioskop. nu narongton teh ka eta bioskop teu meunang make sendal, sapatu, malah baju oge teu kaci, kitu deui calana. Basa ditanya ka satpam nu ngajega di deukeut loket, manehna nyarita:
"Sumuhun, kulan, nongton di dieu mah teu kenging ngangge nukararitu, kenging soteh ngangge karcis..."
05 Agustus 2009
Bodor Sunda (2)
Diposting oleh Urang Sunda di 07.33 1 komentar
hiburan Hiburan
Bodor Sunda (1)
*CEPOT JEUNG KIYAI*
Kiyai : "lain pot kumaha nya ibadah teh loba gangguan pisan ? "
si Cepot : "naha kumaha kitu ?"
Kiyai : "Enya geura eta ari keur ngimaman di masigit, motor pating dorodod ka hareupeun masigit teh teu motor eta HP makmum genjreng teh disada leuheung lamun geunaheun mah da ieu mah laguna teh ucing garong ditembalan ku nu sejen lagu mobil butut. Jadi abus kana pipikiran teh ucing garong jeung mobil butut !!!"
si Cepot : "untung sayah mah tara ka masigit !!"
Kiyai : "naha tara ka masigit .....??? di imah sholatna ??"
si Cepot : "ah ... henteu !!"
Kiyai :" dimana atuh...... ????"
si Cepot : "ah ... teu dimana mana da, tara sholat sayah mah!!"
Kiyai :"......????????"
*Cepot Kabeurangan*
Kacarioskeun ba'da sahur di padepokan Tumaritis, Negeri Amarta : Lurah Semar : Pot.... tong waka sare atuh jang, subuh heula ............!!! Cepot : Sumuhuun papih ..., (Cepot langsung bangun ambil air wudu) Setelah itu, manehna langsung sholat subuh meuni rusuh. Lurah Semar : Astaghfirullah pot .... pot ..... na ai ilaing .... meuni kacida pisan tara sholatna teh (nyarios kituna teh bari nenggeul si cepot, blug...blug ...) Cepot : (Na jero hatena) Naa atuh, naha digelepok aing nya .... nah tuh aya si dawala, dawala kadiyeu ...!!!! Dawala : Aya naon A .... Cepot : Maneh geus sholat subuh ? Sabaraha rakaat ...? Dawala : Parantos A ...., Nya 2 rakaat atuh ..., emang kunaon A ....??? Cepot : Hi ... hi .... Cilaka siah wala, aing oge nu 9 rakat digebukan ku papih, komo maneh dua hi ..hi.. ----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------- Hikmah tina carita iyeu, tong pupujiyeun atawa pura-pura rajin mun can terang mah, mending ge ngama'mum weh kanu tos biasa tur bener.
*Gedung*
Gedung wanita tempat kanggo kegiatan kaum wanita Gedung bioskop tempat nonton felem Gedung parkir tempat kanggo parkir Gedung musium tempat barang bersejarah Gedung sate ....... kunaon teu aya nu dagang sate nyak??
*Pelajaran Goneometri*
Guru: "Sudut A gedena salapan puluh dera...?" Murid: "Jaaaaaaaat!" Guru: "Sudut B gedena salapan puluh dera...?" Murid: "Jaaaaaaaat!" Guru: "Jadi lamun di jumlahkeun sudut A jeung sudut Be .......?" Murid: "Jaaaaaaaat!"
*Jelma anu ulah dideukeutan*
- Jalma nu sok ngadahar sendal capit atawa sapatu - Jalma nu sok sare handapeun gilinding setum - Jalma nu sok kiih di paimaran masjid - Jalma nu sok mandi ku cai limun.
*Ngado'a*
Di hiji majlis taklim, rengse diayakeun pangaosan antar antar ibu ibu jeung bapak bapak sakampung. panitia bingung milih saha nu rek nutup acara ku maca du'a. Akhirna salah saurang panitia kahareup, rek mingpin acara ngadu'a. "Para wargi, alhamdulillah, acara pangaosan parantos lekasan. Ayeuna hayu urang ngadu'a ka Gusti Alloh, menurut... kahoyong masing-masing..." pokna bari yakin pisan. nu aya dirohangan ngabarakatak bari bingung, kumaha ngadu'a nurutkeun kahoyong masing2 teh?... nyak sebatkeun we hoyng naon hoyng beunghar, hoyong imah gedong, hoyong sawah lega, hoyong sarehat, hoyong ka mekkah, hoyong naik pangkat, hoyong rizki nu seueur,... kumaha mun hoyong kawin deui tiasa moal. ... teras jadi pasea wae istri jeung pamajikan,.. tungtunga mah bubar masing masing .....
*Ujian Nasional...*
Dikelas nuju aya les basa inggris kanggo pemantapan Ujian Nasional guru: selamat pagi naon inggrisna murid: good morning bu guru guru : selamat malam naon inggrisna murid: good evening guru: selamat tinggak naon murid: good bay guru: selamat berenang murid: (mikir) ..... good juuubaar bu guru guru: ya oke sadayana tos pararinter ayeuna uwih
*Minggu tenang*
Nin: "abah ari nyetel tivi ulah tarik tarik!"
abah: "nin, kadieu atuh tah acara mamasia menieu seru pisan!"
Nin: "naon mamasia wae pakai ditonton .. ? ganti berita abah!"
abah: "aya berita naon kitu nin meni getol ningalina?"
Nin: "tah dengekeun ayena teh asup minggu tenang jadi ulah tarik2 nyetel tivina!"
abah:" naon hubungannana minggu tenang jeung nyetel tivi nin?"
Nin: "ayeuna minggu tenang jadi urang kudu ngajempling!"
abah: "Dasar nini teu apal politik minggu tenang teh kampanye tos rengse nyahoooooo .... dasar mama sia tah jadiwe latah si abah yeu!!"
*Tapa*
Dawala : "urang mah ngareunah di titah tapa teh di bere awewe... kaluar ti guha teh boga anak...".
Gareng : "urang oge ngareunah , di bahanan domba sajodo..kaluar ti patapaan teh baranahan Domba na ..bisa di jual."
Cepot : "ari urang mah ngan dibahanan rokok sa karung....(bari paroman na siga nu sedih) Dawala jeung Gareng :" alus atuh.... apanan akang mah resep pisan kana ngaroko teh?"
Cepot : "heueuh resep kana ngaroko mah uing teh.."
Dawala : "terus naon anu ku akang dipake sedih..?"
Cepot : "heueuh aing mah dibahanan rokok sakarung ...ngan teu jeung korek na....."
*Serat kanggo Incu*
Aya nini-nini indit ka kantor pos rek ngirim surat ka incuna, kulantaran bingung si Nini ngadeukeutan salah sahiji loket. Patugas : Aya nu tiasa di bantos Ni? Nini : Aya Cep, Nini rek ngirim serat ka incu nini, naha di dieu aya parangkona? Patugas : Aya atuh Ni piraku di kantor pos teu aya parangko, Teras naon deui? Nini : Punten we atuh sakalian pangnuliskeun alamatna dina amplop! Patugas : Mangga Ni ku abdi dipangnyeratkeun, aya deui? Nini : Aya Cep, cing pangnuliskeun suratna sakalian! Terus we petugas teh nulis surat nu sakitu panjangna di dikte ku Si Nini. Geus anggeus nya dibikeun ka Si Nini supaya di aos heula. Patugas : Mangga di aos heula Ni! Nini : Punteun Cep tambahan saeutik deui dihandapna, N.B. Incu hampura Nini upama tulisanana butut! Patugas : Eh, ari si Nini ....! huahahaha.., atos minta bantuan .., ngahina deui.....
Diposting oleh Urang Sunda di 07.01 0 komentar
hiburan Hiburan
14 April 2009
Tembang Sunda
Mung Sateuacana musik pangiring Blog anu aya di palih luhur artikel ieu, kedah dipareuman heula! ngarah teu janten pacampur antawis sora lagu sareng sora musik pangiring Blog.
Mangga Wilujeng ngadangukeun...sing jongjon tur Genah!!!
Diposting oleh Urang Sunda di 20.46 0 komentar
hiburan Hiburan
Wayang Golek
Mung Sateuacana musik pangiring Blog anu aya di palih luhur artikel ieu, kedah dipareuman heula! ngarah teu janten pacampur antawis sora Wayang sareng sora musik pangiring Blog.
Mangga Wilujeng Lalajo sing jongjon tur genah!!!
Bag. 1
Bag. 2
Bag. 3
Bag. 4
Bag. 5
Bag. 6
Bag. 7
Diposting oleh Urang Sunda di 10.32 0 komentar
hiburan Hiburan
11 April 2009
Tatarucingan Sunda
2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar?
7. Kunaon tukang baso nakolan mangkok?
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.
12. Hayam naon anu sukuna hiji?
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
15. Baso dibalikkeun jadi naon?
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
19. Manuk naon anu jangjang & sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karet?
21. Sapi naon anu bau?
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia?
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
24. Pribumi di luar ari semah di jero.
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
30. Jam naon anu bisa nembang?
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
32. Pare naon anu teu ngeunah?
33. Jalma meuli kasur keur naon?
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
35. Kapas 2kg, batu 1kg,mun ninggang suku nyeri mana?
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
38. Budak dugul asup kana embel.
39. Petina hiji, mayitna loba.
40. Kaca naon anu nyeri?
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?
42. Kaca naon anu seungit?
43. Kaca naon anu pangbeuratna?
44. Hayam naon anu keur jengke?
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo?
46. Aya balon 10, bitu 1, kempes 3,kari sabaraha deui?
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna.
48. Kunaon ban sapedah anu tukang sok babari dugul?
49. Naha mun anjing keur lumpat sok ngalieuk ka tukang?
50. Kaca naon anu sok disada?
51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din
52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?
53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?
54. Supirna opatan ari panumpangna saurang.
55. Buah naon anu tara diala?
56. Piramida di jerona aya harta karun.
57. Anjing ka wetan ,buntutna kamana?
58. Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat.
59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?
60. Ti peuting asak ti beurang atah.
61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.
62. Sukuna hiji, panonna tilu.
63. Ka handap muka ka luhur nutup.
64. Maju eleh, mundur meunang.
65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha?
66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?
67. Pang basa Inggriskeun 2 mobil warna maneh!
68. Kapal naon anu teu bisa ngapung?
69. Hideung, leutik, bahaya.
70. Kumaha ngabedakeun sirah & buntut cacing?
71. Naha superman bajuna make hurup “S”?
72. Hiji diala ari loba teu diala.
73. buah naon anu sok diwedak?
74. Tangkal naon anu sok dipikasieun?
75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon?
76. Sirahna,ceulina,beuheungna dina beuteung.Naon?
77. Sapedah naon anu bisa ngapung?
78. lauk naon anu bisa hiber?
79. Kuda naon anu teu bisa lumpat?
80. Ari nakol bedug aya sabaraha warna?
81. Minyak naon anu rame?
82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?
83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
84. Naon bedana onta jeung kangkung?
85. Tukang naon anu teu bisa ngitung?
86. Kalong naon anu pinter maen bal?
87. Bisa naek teu bisa turun.
88. kalimah naon anu dibaca ti hareup & ti tukang sarua?
89. Gajah naon anu sukuna dua?
90. Hurup naon anu ngeunah?
91. Naha Supermen jubahna di tukang?
92. Leutik bodas pikasieuneun.
93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah?
94. Sato naon anu pangharam-haramna?
95. Hayam naon anu sukuna 1002?
96. Rancung lain landak, hejo lain tentara.
97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani.
98. Kasur naon anu matak nyeri?
99. Palu naon anu bisa pidato?
100. Akar di luhur, pucuk di handap.
101. Asup tarik kaluar laun.
102. Bisa turun teu bisa naek.
103. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja.
104. Budak dugul loba kutu.
105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum.
106. Dicabak aya dilieuk euweuh.
107. Dicukur buluan, teu dicukur dugul.
108. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh.
109. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh.
110. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol.
111. Diudag lumpat didagoan cicing.
112. Gunung bitu, bandera kekelebetan.
113. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku.
114. Indungna cicing anakna ancul-anculan.
115. Nangkub dieusi nangkarak kosong.
116. Oray hejo panonna loba.
117. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu.
1. Ceuli
2. Hayam keur pawey
3. Korong
4. Sabab banna buleud
5. Sato nu nukangan tembok
6. Bangkuang
7. Ku Sendok
8. Batu garing
9. Oray nu ngalegleg linggis
10. Aki-aki make iteuk jeung kacamata
11. Cau
12. Hayam nu keur jengke
13. Kareta api
14. Gede bohongna
15. Bahe
16. Sireum make helm
17. Peureum
18. Piring bolong
19. Manuk anu katincak
20. Mun tina coklat pasti digembrong sireum
21. Sapiteng
22. Piringatan 17 Agustus
23. Sarimie mah renyah, Nini2 mah renyoh
24. Tukang beca jeung panumpang
25. Tai kotok napel dina tihang listrik
26. Kacamata
27. Hujan-heujeun
28. Kalangkangna
29. Buahenol
30. Jamrud
31. Tinggal turunna
32. Parea-rea omong
33. Keur beunta
34. Kutu
35. Nyeri sukuna
36. Ku sendok
37. Keretas
38. Cilok
39. Korek api
40. Kacabok
41. Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung
42. Kacapiring
43. Kacalikan gajah
44. Hayam nu keur sondah
45. Bisa, lamun kiloanana ruksak
46. Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui.
47. Gitar
48.cape mikiran kmh carana hayang miheulaan ban hareup
49. Sabab teu make kaca spion
50. Kacapi
51. Pa Haji Samsudin
52. Sapiderman
53. Hayam paeh
54. Pasaran
55. Buah murag
56. Bacang
57.Aya napel dina bujurna
58. Remeh napel dina kareta api nu keur maju
59. Tukang maok
60. Lampu bohlam
61. Obat nyamuk
62. Lampu setopan
63. Seleting
64. Nu keur lomba tarik tambang
65. Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber
66. Incuna kuman nu teu dahar saminggu
67. Two car Color you!(tukar kolor yuk!)
68. Kapal nu mesinna ruksak
69. Sireum napel dina bom
70. Eleketek heula, nu seuri eta huluna
71. Sabab mun XL mah bakal logor teuing
72. Huis
73. Kesemek
74. Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung
75. Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu
76. Orok nu keur dikakandung ku indungna
77. Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu keur ngapung
78. Lauk Indosiar
79. Kuda nu dicangcang
80. Ti luarna
81. Minyaksikan pertandingan sepakbola
82. Minumpas kejahatan
83. Hayam leungit
84. Onta mah di Arab, kangkung mah diurab
85. Tukang poto
86. Kalonggak beckham ya…Del Piero
87. Haji
88. Kasur ini rusak
89. Gajah nu keur keprok
90. Nya T
91. Mun dihareup mah arek dicukur atuh!
92. Sireum nu napel dina huntu maung
93. Setandar
94. Anak bagong euweuh bapaan
95. Hayam nu keur gelut jeung titinggi
96. Kaktus
97. Bebegig
98. Kasura
99. Pa Lurah
100. Janggot
101. Leho
102. Hujan
103. Ganas
104. Onde-onde
105. seupah
106. Ceuli
107. Kadongdong
108. Rebab
109. Kuda
110. Goong
111. Kalangkang
112. Nu keur ngakeul sangu
113. Langlayangan
114. Lisung jeung halu
115. Kopeah
116. Peuteuy
117. Langit
Diposting oleh Urang Sunda di 14.37 0 komentar
hiburan Hiburan